Pepeling Sunda Panggeing Ka Sakumna Jalma
Kata Loe - Kata-kata mutiara untuk pengingat kita dalam menjalani kehidupan dalam bahasa sunda. Hayu geura saradia... Meungpeung keur hirup di dunya Amal keur sampeureun tea Di ahir moal sulaya Geuning maot ngadodoho Boro sok dipopohokeun Datangna teu mere nyaho Ngageretek taya tempo Taya beurang taya peuting Taya raja taya kuring Di mana ajal geus sumping Teu meunang embung anaking Horeng nyawa eujeung badan Nu geus lila babarengan Datang mangsa dipisahan Paturay tineung pamitan Lain meureun lain sugan Da ieu mah kanyataan Kabeh pasti ngarandapan Geuning awak urang pisan Kaget reuwas mata mencrong Renghap ranjug munggah bengong Napas ngangseg na genggerong Nu deukeut geus teu katembong Horeng ieu teh sakarat Dicabut ku malaikat Nyawa ngangseg mapay urat Teu aya daya keur lumpat Ku renghap nu panganggeusan Pegat sakabeh harepan Nabengkang taya dayaan Rek kumaha pangharepan Boro mah keur suka bungah Ngatur napsu seuri bungah Beak tempo kudu ...